EUKEUR ANJEUN
![]() |
| Hp |
Eusi jagat milu nyaksian
Sakujur awak anjeun
Ngageter dia kasangsian
Hadenamah geura peuncit
Eta rasa
Dileuweung geledegan
Patempatan anjeun, linglung nyasab
Didinya oge, kuring nyasab neangan anjeun
Lantaran renghap kuring dipungpeuk kasono
Kuring uengap miharep anjeun
Di patempatan anjeun napak
Didinya oge kuring nyampak
Kasono kuring nyambat anjeun nangtung
Ngarah leuwih reureh sora jajantung
Sanajan srangenge
meupeuskeun kalangkang
Kabingung anjeun
Angger keneh neundeun
Rasa kosong molongpong
Hadena mah
Gera peuncit rasa anjeun
Ku peso nu lamkot getih
Kanyeri kuring

Tidak ada komentar:
Posting Komentar